Tetempoan Baheula

Jirim nu ngajuringkang, ngeteyep muru handapeun jandela kamar. Di ketok sakali, Bray !, jandela muka. Kalacat..asup!. Sagala kabungah bedah !, nganteur napsu nu di tahan salila-lila. Buuk nu cipruk, awor jeung hegak, jadi saksi, peuting eta. Dua mahluk keur anteng ngecrokan dosa !.” Aeh !, Ningan, Akang, teu acan Kulem ?. Hiji sora, muyarkeun lamunan, nu keur ngacacang ka mangsa du puluh taun ka tukang!. Wanci geus nepi ka tungtung subuh. Hiji lalaki nyuksruk na korsi panjang, nyumputkeun cipanon. Disiksa ku tetempoanna baheula. Basa manehna teu kahaja, ningali hiji jalma ,asup ka kamar hiji wanoja nua ayeuna geus jadi pamajikanana.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Ella Wargadinata: mun teu lepat nyutat, saur Mang Johnny tea mah...Let's by gone be by gone.....anu atos mah atos wae Kang........
  2. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: kasuat-kasuat nya Kang?
  3. Yadi Sutomo: Naha atuh bet dilajeng sakinten matak kasiksa mah,...???
  4. Kokom Komariah: Tong nangis ari deudeuhmah...
  5. Tatang Sumarsono: Mun ieu fikmin ngetikna langkung diapikan, wah, beuki ginding, Ang. Wilujeng,
  6. Riyono Afdfvm: Deudeuh teuing......hik hikhik
  7. Ahmad Yani: @Ella Wargadinata : heu heu heu ...tapi kuanon atuh nya , eta tetempoan teh anteng kumalayang teu tiasa dipopohokeun !
  8. Ahmad Yani: @Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu : Heu heu ...ngahaja di suat , manawi tiasa leungit ! ha ha !
  9. Ahmad Yani: @Yadi Sutomo : Heu heu heu ... tah nu kieu panginten nu di sebat garis nasib teh, Ang !
  10. Ahmad Yani: @Kokom Komariah : Kumaha atuh da hoyong ! , heu heu heu ! sesah di carekna !
  11. Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: upami bisul mah tangtos kana kituna...
  12. Ahmad Yani: @Kang Tatang Sumarsono : Hatur nuhun kana koreksina. Muhun kapayun seja di estokeun pisan !
  13. Ahmad Yani: @Riyono : Heu heu heu ,,,, Nasi tos janten liwet , rupina mah Ang !
  14. Apoedy Sarah Ihsan: lalaki anu kantos naek kana jandela, kanggo awewe anu kantos jandelana di taekan.. heuheuheu....
  15. Ahmad Yani: @Kang Apoedy : heu heu heu ...nuju usum tataekan ...manawi ! hi hi hi hi !
  16. Iwan Hanjuang: ah asa wararangsa... eh wararangas..... aehh wararaas maksad teh..
  17. Godi Suwarna: :"Nyodok kana angen, Mang Yan..! Mun uing mah moal waka nyuksruk kana korsi sateuacan mesat gobang kabuyutan. Dicacaaag siah ku aingah...! Tegep, Mang Yan..."
  18. Ahmad Yani: @Kang Iwan Hanjuang : Heu heu .. nostalgia wangsul ngaronda !! hi hi !!
  19. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Heu heu heu .... aduh ka taji ku galakna, benten ari tos Kongres mah, pangaruh Pais Gurame pangintennya?, ha ha ha ha ha !!. hatur sewu nuhun Kang Perbu, kana apresiasina!, iraha atuh hasil Kongres di Ciamis teh, bade di apungkeun ka ieu lapak !? , tos kumejot yeuh! , hoyong maos ! he he he he !
  20. Teti Taryani: Padahal bumen-bumen tos welasan taun, tapi tetempoan baheula teu weleh ngarangsadan hate... Kuatan pisan ari Ang Ahmad Yani...
  21. Kokom Komariah: Tong nangis deudeuh teuing make nyungsruk kana korsi tos we nyukrukna ka bojo, langkung endah.Ang Ahamad Yani geura.nutupan aib nu sejen maka bakal ditutupan aib na ku Allah Swt. Di yaumah jaja walhisab,
  22. Kokom Komariah: Tong nangis deudeuh teuing make nyungsruk kana korsi tos we nyukrukna ka bojo, langkung endah.Ang Ahamad Yani geura.nutupan aib nu sejen maka bakal ditutupan aib na ku Allah Swt. Di yaumah jaja walhisab,
  23. Yanti Sri Budiarti: Ketir...hiks!